Arti Paribasa - babasan - Peribahasa Idiom Pakeman Basa Sunda

Cari dan download daftar Babasan dan Paribasa dalam budaya Sunda.

daftar babasan paribasa sunda

idiom

Idiom (dari bahasa Belanda: idioom; bahasa Latin: idioma, "properti khusus"; bahasa Yunani: ?d??µa - "ungkapan khusus") adalah ekspresi, kata, atau frasa dengan makna kiasan yang dipahami dalam kaitannya dengan penggunaan umum bahwa ekspresi yang terpisah dari arti harfiah atau definisi dari kata-kata yang dibuat.

peribahasa

Peribahasa adalah kelompok kata yang mempunyai susunan yang tetap dan mengandung pengertian tertentu, bidal, pepatah. Sebuah pepatah yang menjelaskan aturan dasar perilaku mungkin juga dikenal sebagai sebuah pepatah. Jika peribahasa dibedakan dengan ungkapan yang sangat baik, mungkin akan dikenal sebagai sebuah aforisme (Majas berisi pernyataan tentang kebenaran atau sikap hidup).

mangga pilari - silahkan cari




  1. abong kena biwir teu diwengku
    ngomong sangeunahna, ngomong sadaekna
    berbicara seenaknya sendiri.

  2. abong letah teu tulangan
    nyarita sangeunahna teu dipikirkeun heula akibatna
    berbicara seenaknya tanpa memikirkan akibatnya.

  3. adab lanyap
    jiga nu handap asor, daek ngahormat ka batur, tapi boga hate luhur, tungtungna sok ngunghak jeung kurang ajar, temahna batur loba nu teu resepeun.

  4. adam lali tapel
    poho ka baraya jeung poho ka lemah cai
    tidak ingat kepada saudara, lupa kepada tanah air.

  5. adat kakurung ku iga
    adat atawa kabiasaan anu hese dirobahna
    adat atau tabiat seseorang yang sukar untuk dirubah.

  6. adean ku kuda beureum
    ginding ku barang batur atawa titipan atawa ginding ku pakean batur
    menyombongkan barang pinjaman atau barang orang lain

  7. adigung adiguna
    gede hulu, takabur, boga rasa leuwih ti batur
    sombong

  8. adu regeng
    sataker tanaga
    sedikit tenaga atau kurang tenaga.

  9. adu telu ampar tiga
    kudu papaitan
    perkara yang sedang diselesaikan.

  10. agul ku payung butut
    ngagulkeun luluhur sorangan,tumerep ka jalma nu taya kaboga, tapi mindeng nyaritakeun yen manehna turunan menak baheula
    membanggakan keturunannya sendiri.

  11. ajak jawa
    ngajak bari ukur tamba lain ngajak senyana dapon ngeunaheun batur
    mengajak atau menawarkan sesuatu dengan tidak sepenuh hati atau tidak ikhlas.

  12. ajrihing gawe
    ulah ngalampahkeun gawe goreng bisi ahirna kabendon
    pemalas atau orang yang tidak mau bekerja.

  13. akal koja
    pinter dina kagorengan atawa kajahatan
    akalnya pintar dalam kejahatan

  14. aki aki tujuh mulud
    lalaki nu geus kolot pisan
    laki-laki tua renta.

  15. aku panggung
    darehdeh jeung mere maweh, ngan hanjakal ku ieu aing asa pangpunjulna, pangbeungharna jste.

  16. aku-aku angga
    ngaku banda sorangan padahal nu diakuna banda batur, atawa ngaku baraya batur anu beunghar atawa jeneng, mamrih kahormatan atawa kauntungan
    mengaku barang milik sendiri padahal barang milik orang lain

  17. alak paul
    jauh kacida, tempat anu lain dikieuna, ngeunaan jauhna jeung pisusaheunana
    jauh sekali.

  18. alak-alak cumampaka
    niru-niru atawa mapadani saluhureun boh dina kalungguhan, kakayaan atawa pendidikanana
    selalu meniru-niru orang yang lebih darinya baik kekayaan atau pendidikan

  19. alang-alang kumapalang
    pagawean kudu dianggeuskeun ulah dikagok-kagok
    suatu pekerjaan itu harus diselesaikan tepat pada waktunya jangan ditunda-tunda.

  20. alon-alon asal kalakon
    kajeun alon dina sagala hal asal nguntungakeun ahirna

  21. alus laur hade ome
    tegep dedeg pangadegna.

  22. alus panggung
    hade dedeg pangadegna
    tampan dan rupawan.

  23. amarah sakulit bawang
    babari ambek
    suka marah-marah atau mudah marah.

  24. ambek nyedek tanaga midek
    ambek teu kaluar, ari napsu pohara gedena, ngan masih bisa meper diri, napsu kapegung
    amara yang terpendam.

  25. ambek sadu santa budi
    ambek tara terus jeung hate, budina tetep marahmay
    sangat berbudi pekerti.

  26. ambekna sakulit bawang
    gampang pisan ambek, jeung mun geus ambek teu reureuh sakeudeung.

  27. amis budi
    hade paroman, suranyeh, mindeng imut
    sangat ramah, santun dan murah senyum.

  28. amis daging
    babari pisan katerap kasakit
    mudah terkena penyakit kulit dan sangat sulit untuk disembuhkan.

  29. anak merak kekuncungan
    kahadean atawa kagorengan anak ngala ka indung bapana
    segala perbuatan buruk anak maka orang tuanya juga terkena imbasnya.

  30. anak puputon
    anak nu kacida didama-damana, nu pohara dipikanyaah
    anak yang sangat disayang

  31. angeun sapariuk karagragan tai beurit hiji
    kagorengan lantaran ti saurang, tungtungna jadi mawa goreng ka sarerea
    kejelekan dari satu orang akibatnya seluruh keluarga ikut dipandang jelek pula.

  32. anjing ngagogogan kalong
    mikahayang hiji hal nu pamohalan
    menginginkan sesuatu yang tidak mungkin

  33. anjing nyampeurkeun paneunggeul
    nyameurkeun nu rek nganyenyeri atawa nu rek ngarogahala
    mendekati bahaya

  34. anu burung diangklungan, anu gelo didogdogan, anu edan dikendangan
    anu gedebul dihaminan, ngarah tambah maceuh
    anu loba omong bari eung bohong kalah ka ditanggap

  35. apal cangkem
    apal tapi teu nyaho hartina
    hanya hafal dalam mulut saja namun tidak tahu artinya.

  36. ari diarah supana, kudu dijaga catangna
    banda atawa naon wae nu diala hasilna, kudu daek ngurusna
    jika memiliki barang yang memberi kita asil, harus pandai mengurusnya.

  37. ari umur tunggang gunung angen-angen pecat sawed
    ari umur geus kolot, kahayang caran nu ngora, hate ngongoraeun keneh
    umur sudah tua tapi keinginan atau perilaku seperti anak muda, tua-tua keladi

  38. asa aing uyah kidul
    boga rasa leuwih ti batur
    merasa paling unggul segalanya dibandingkan orang lain

  39. asa bucat bisul
    ngarasa lugina sanggeus ngarengsekeun pagawean nu kacida beurat
    merasa lega setelah mengerjakan pekerjaan yang amat berat.

  40. asa dijual payu
    ngungun dumeh nyorangan di panyabaan, jauh ti indung bapa.

  41. asa ditonjok congot
    meunang kabungah nu gede, meunang rejeki nu teu disangka-sangka
    gembira mendapatkan rizki yang tidak disangka-sangka.

  42. asa ditumbu umur
    boga rasa kahutangan budi anu pohara gedena
    sangat merasa berhutang budi

  43. asa kabur pangacian
    reuwas kacida, nepi ka teu puguh cabak
    terkejut hingga tidak dapat berkata-kata.

  44. asa nanggeuy endog beubeureumna
    kacida nyaahna
    sangat menyayangi

  45. asa potong leungeun katuhu
    leungiteun jalma nu kacida dipikabutuhna
    kehilangan orang yang sangat dipercaya.

  46. asa rawing daun ceuli
    mindeng ngadenge omongan anu henteu ngeunah
    sudah biasa mendapatkan omongan yang tidak enak didengar.

  47. asa teu beungeutan
    awahing ku era
    serasa kehilangan muka karena malu

  48. asak pikir
    pikir heula enye-enya
    dipikirkan lagi matang-matang.

  49. asak rampa
    memeh prak dipigawe dipikir heula jero-jero
    sebelum melakukan pekerjaan baiknya dipikir dulu matang-matang.

  50. asak warah
    hade atikan, basa jeung paripolahna merenah
    mendapatkan cukup pendidikan.

  51. atah anjang
    langka silih anjangan

  52. atah warah/bongkar warah
    kurang didikan

  53. ati mungkir beungeut nyinghareup
    palsu, siga sono, tapi henteu. siga suka, tapi henteu, siga nyaah tapi henteu
    pura-pura. dihadapan orang bersikap baik, tetapi di belakang sebaliknya

  54. ati putih badan bodas
    tamada nuduhkeun teu aya pikir goreng, memasrahkan diri dari menerima kesalahan
    menunjukkan ati yang bersi, mengakui kesalahan

  55. aub payung, sabet panon
    sabasoba wewengkon, ngeunaan tanah.

  56. awak sampayan
    make baju naun ge pantes

  57. awet rajet
    dilarapkeun ka nu laki rabi, lana tapi loba pacengkadanana
    rumah tangga yang awet meskipun selalu dapat perselisihan.

  58. aya astana sajeungkal
    anu mustahil oge oge bisa kajadian.

  59. aya bagja teu daulat
    arek meunang bagja atawa kauntungan tapi teu tulus
    mau dapat untung tetapi tidak jadi.

  60. aya disihung maung
    kulantaran loba kawawuh gegeden dina aya karerepet atawa kaperluan penting gampang naker meunang pitulungna.

  61. aya hate kadua leutik
    naksir.

  62. aya jalan komo meuntas
    aya cukang lantaran, aya pilantaraneun atawa pijalaneun, manggihan jalan atawa cara pikeun gancang-gancang ngalaksanakeun pamaksudan
    kebetulan ada jalan untuk cepat-cepat melaksanakan keinginan.

  63. aya nu dianjing cai
    aya nu dipikahayang atawa diheroan
    ada yang diincar target.

  64. aya peurah aya komara
    aya harega, aya pangaji.

  65. ayakan mah tara meunang kancra
    usaha nu modalna leutik hasilna ge moal gede, nu bodo jeung nu pinter moal sarua darajatna jeung panghasilanana
    usaha yang modalnya keci hasilnyapun tak akan besar

  66. ayak-ayak beas, nu badag moncor nu lembut nyangsang
    nuduhkeun kaayaan nu henteu sawajarna, upama bae anu dihukum teh anu teu pira kasalahannana ari anu gede kasalahannana mah bebas
    menceritakan keadaan yang tidak sejawarnya, yang salah sedikit dihukum yang salahnya besar tidak dihukum

  67. ayem tentrem
    tenang teu aya kasieun
    tenang, tentram, tak ada yang dikawatirkan

  68. babalik pikir
    insap

  69. badak cihea
    degig

  70. baek dengkak
    baek akal, geus euweuh akal deui, paeh poso, teter
    sudah bekerja keras namun tidak mendapatkan apa-apa.

  71. bahe carek
    gampang nyarekan ka batur, babari pisan ngaluarkeun omongan nu goreng.

  72. bahula ka nu kawasa
    tara nurut parentah, mungpang kana parentah
    melawan perintah

  73. bala harti
    salah harti, beda kamandang
    salah pengertian.

  74. balabar kawat
    beja nu sumebar, saembara
    sayembara.

  75. baleg tampele
    ari rasa tresna ka lalaki geus aya, ngan lamun papanggih jeung jelemana gede keneh kaera.

  76. bali geusan ngajadi
    tempat dilahirkeun, lembur matuh, lemah cai
    tempat kelahiran/tanah kelahiran.

  77. balik pepeh
    nu gering teu daek icing

  78. balung kulit kotok meuting
    kanyenyerian atawa kanyeri heubeul teu leungit-leungit, teu eureun eureun nyeri hate ti baheula nepi ka kiwari
    masih ada rasa dendam, sakit hati yang dulu tidak hilang

  79. balungbang timur
    nuduhkeun hate beresih

  80. balungbang timur, caang bulan opat belas, jalan gede sasapuan
    beak karep ku rido jeung beresih hate
    ikhlas, sangat suka

  81. bancang pakewuh
    pikasusaheun, picilakaeun
    marabahaya, malapetaka

  82. banda sasampiran nyawa gagaduhan
    teu daya teu upaya sadaya kagungan jeung kersaning Alloh, nyawa jeung banda ukur titipan
    segala sesuatu di dunia ini hanyalah milik Alloh, nyawa, harta dan benda hanyalah titipan.

  83. banda tatalang raga
    leuwih hade ngorbankeun harta, tibatan cilaka awak
    lebih baik mengeluarkan biaya atau harta dari pada celaka.

  84. banting tulang
    digawe popohan
    susah payah.

  85. baraya landes ge moal dibejaan
    orang yang bertekad untuk menyimpan rahasia.

  86. baro mengmengan
    taya kasabaran

  87. batok bulu eusi madu
    goreng rupana atawa tagogna, tapi pinter atawa hade kalakuannana
    orang yang jelek tapi pintar atau kelakukannya baik

  88. batu turun keusik naek
    dilarapkeun ka jalma anu sarua sukana, turunan menak henteu jeneng, ari somah cacah jareneng
    keturunan bangsawan yang tidak mempunyai jabatan yang tinggi.

  89. baungeut nyanghareup ati mungkir
    teu satuhu, henteu terus jeung hate
    munafik.

  90. beak dengkak
    sagala ikhtiar geus diusahakeun tapi teu hasil bae

  91. bear budi
    marahmay budi, someah
    ramah tamah, sopan.

  92. bebek ngoyor di sagara, rek nginum neangan cai
    lubak-libuk harta banda, tapi teu bisa make lantaran lain hakna
    segala sesuatu tersedia tapi tidak bisa menggunakannya karena bukan miliknya

  93. beja mah beje
    beja ulah waka dipercaya

  94. belang bayah gindi pikir
    boga pikiran goreng ka papada kawula.

  95. bengkok tikoro
    teu kabagean kadaharan istimewa lantaran beakeun manten atawa teu datang
    tidak dapat hidangan istimewa karena tidak datang tepat waktu.

  96. bengkung ngariung bongkok ngaronyok
    babarengan jeung babaturan boh dina susah atawa senang
    bersama-sama dengan sahabat baik suka maupun duka, biar hidup susah asal selalu bersama-sama

  97. bentik curuk balas nunjuk, capetang balas miwarang
    kabisa ngan marentah, nitah wungkul, tara prak digawe ku sorangan
    hanya bisa memerintah atau mengatur saja, tanpa mengerjakannya sendiri

  98. beunghar memeh boga
    loba kahayang nu teu saimbang jeung kaayaan dirina
    banyak keinginan yang tidak sesuai dengan dirinya

  99. beurat birit
    hese dititah, ngedul
    malas.

  100. beurat nyuhun beurat nanggung, beurat narimakeunana
    kacida tumarima kana kahadean batur, lantaran ditulungan dina waktu nu keur butuh kacida
    sangat berterimakasih atas kebaikan orang lain

  101. beureum paneureuy
    seuseut batan neureuy keueus hese pisan, seuseut seuat ngahasilkeun maksud.

  102. beuteung anjingeun
    beuteung gede kaharep

  103. bibilintik ti leuleutik babanda ti bubudak, geus gede ngan kari make,
    kudu gemi jeung daek babanda ti leuleutik ngarah dimana geus kolot teu loba kakurang.

  104. bihari ngalingling pasir, ayeuna ngalanglang pasar
    jaman geus robah, jalma oge loba nu ganti pacabakan, atawa robah-robah tingkah lakuna

  105. bilih aya turus bengkung
    bisi salah pokpokanana.

  106. birit aseupan
    teu daek cicing

  107. bisa ka bula ka bale
    bisa cmapur jeung jalma ti rupa-rupa golongan, atawa bisa gawe kasar jeung gawe lemes
    bisa bergaul dengan saiapa saja dan bekerja apa saja, menyesuaikan diri di lingkungan atau masyarakat.

  108. bisa lolondokan
    bisa mengikuti atau menempatkan diri dengan kebiasaan orang lain supaya akrab

  109. bisi aya ti cai ti geusan mandi
    bisi aya nu katoel atawa kasigeung mamaras rasana
    khawatir akan ada yang menyinggung diri sendiri.

  110. biwir nyiru rombengeun
    resep mukakeun rasiah sorangan atawa rasiah batur, resep ngucah ngaceh rasiah atawa kaaeban boh nu sorangan boh nu batur
    cerewet, semua rahasia diceritakan

  111. biwir sambung lemek, suku sambung lengkah
    ngan darma neruskeun, tarima darma dititah, henteu milu milu kana tanggung jawabna mah, ieu mah ngan saukur mangnepikeun dumeh jadi utusan, ngemban timbalan tinu lian.

  112. bluk nyuuh blak nangkarak
    kabina bina rajinna dina enggoning nyiar kipayah.

  113. bobo sapanon carang sapakan
    teu beres entep seureuhna, teu puguh undak usukna, aya kuciwana, lantaran aya kakuranganana atawa karuksakanana
    tidak jelas asal usulnya.

  114. bobor karahayuan
    henteu rahayu, henteu salamet, meunang kacilakaan atawa tiwas
    mendapat celaka atau musibah

  115. bobot pangayom timbang taraju
    nimbang-nimbang perkara anu saadil-adilna
    menimbang perkara dengan seadil-adilnya.

  116. bodo alah manan kebo
    dilarapkeun ka jalma anu bodona leuwih ti munding
    bodoh sebanding kebo

  117. bodo alewoh
    bodo tapi daek tatanya atawa tetelepek
    bodoh tapi mau atau suka bertanya

  118. bodo katololoyoh
    teu daek nurut kana nasehat batur, tara daek tatanya
    orang bodoh yang tidak menuruti nasihat orang lain, enggan bertanya.

  119. boga pikir kadua leutik
    ulah sabongbrong teuing, kudu aya pikir rangkepan, kudu aya rasa curiga
    kita jangan mudah percaya, harus ada rasa curiga.

  120. bogoh nogencang
    bogoh sosoranganana, teu dilayanan
    cinta betepuk sebelah tangan.

  121. bonteng ngalawan kadu
    nu lemah ngalawan nu kuat
    yang lemah melawan yang kuat

  122. buang jauh gantung tinggi
    nekad, wani nepi ka dihukum oge.

  123. bubu ngawaregan cocok
    mere nasehat atawa nyieun aturan anu balukarna nguntungkeun sorangan
    memberikan nasehat atau aturan yang menguntungkan diri sendiri

  124. buburuh nyatu diupah beas
    nyiar pangarti tur diburuhan atawa digajih, meunang dua kauntungan sakaligus, saperti nu sakola meunang beasiswa
    belajar tetapi sambil diberi upah padahal gunanya untuk dirinya sendiri

  125. budi anteng
    teu gugup, kalem
    tidak gugup atau santai, kalem.

  126. budi santri, legeg lebe, ari lampah euwah-euwah
    ari laku lampah mah kawas santri tapi sok ceceremed.

  127. bujang jenglengan
    jajaka tulen serta tegep
    pria yang belum menikah dan usianya sudah tua.

  128. bulu kapaut
    kababawa ku batur

  129. bulu taneuh
    patani, tukang tani
    petani.

  130. buluan belut, jangjangan oray
    pamohalan kajadian
    sesuatu yang tidak mungkin terjadi.

  131. bungbulang tunda / tunda talatah
    lamun dititah tara sok pek ku maneh, tapi sok nitah deui ka batur.

  132. buntut kasiran
    tara pisan daek barangbere, medit, koret, kumed
    orang yang pelit

  133. bur beureum bur hideung, hurung nagtung siang leumpang
    ginding, loba pakean anu aralus dipake.

  134. buruk buruk papan jati
    ka sobat atawa ka baraya mah sok hayang ngahampura bae lamun aya kasalahan teh
    biarpun benci kepada saudara tapi selalau ingin menolong bila ia dalam kesusahan

  135. caang bulan dadamaran
    migawe hal anu kurang mangpaat
    mengerjakan hal yang sudah tidak diperlukan lagi

  136. cacag nangkaeun
    hanteu beres, hanteu rata, henteu sampurna.

  137. cai di hilir mah kumaha ti girangna
    rahayat sok nyonto kalakuan pamimpinna
    rakyat suka meniru kelakukan pemimpinnya

  138. caina herang laukna beunang
    hasil maksud ku cara lantip bari taya pacengkadan
    mendapatkan keinginan yang tidak melukai orang lain atau tidak ada perselisihan yang ditimbulkan.

  139. campaka jadi di reuma
    nu geulis urang lembur, lain pantesna aya di dinya
    gadis cantik tidak pantas hidup di tempat kumuh

  140. cangkir emas eusi delan
    omonganana mah alus nepi ka urang jadi percaya jeung kataji, tapi hatena jahat jeung matak bahaya ka urang.

  141. cara bueuk meunang mabuk
    ngeluk bae, teu lemek teu carek, euweuh hojah, euweuh karep, euweuh kahayang sabab era tawa sieun.

  142. cara cai dina daun balong
    dinasehati tidak pernah ada bekasnya, tidak dituruti.

  143. cara gaang katincak
    anu tadina rame kacida, ayeuna mah jadi jempling pisan.

  144. cara hurang tai ka hulu-hulu
    bodo pisan, sangat bodoh.

  145. cara jogjog mondok
    carekcok bae, mani gandeng naker.

  146. cara kuda leupas ti gedogan
    ngabencah sakama-kama.

  147. cara simeut hiris, tai kana beuheung beuheung
    pohara bodona, beunang dibobodo atawa ditipu ku batur.

  148. carincing pageuh kancing, saringset pageuh iket
    taki-taki ngajaga kaamanan, mageuhan tulak jeung sajabana, bisi aya bancang pakewuh
    waspada terhadap kekacauan yang mungkin datang.

  149. ceuli lentaheun
    awas pisan pangdengena, sok sadenge-dengena najan lain dengekeuneun, sok gancang nyaritakeun ka batur naon bae anu kadenge, turtaning tacan karuhan eta beja teh bener henteuna
    mendengarkan sesuatu yang tidak pantas untuk didengarkan.

  150. cicing dina sihung maung
    nganjrek di jalma anu nyusahkeun atawa bakal nyilakakeun ka diri urang
    dekat dengan orang yang mungkin mencelakakan

  151. cikaracak ninggang batu laun-laun jadi legok
    ku dileukeunan mah sakumaha hesena ge lila-lila jadi bisa
    jika tekun mengerjakan sesuatu pasti akan menuai hasil yang menggembirakan.

  152. cileuncang mande sagara, cecendet mande kiara, hunyur nandean gunung
    nyaruaan ka jalma anu saluhureun harkatna, darajatna atawa pangabogana, anu heunghar atawa nu gede pangaruhna
    orang yang ingin mengungguli dari segi derajat martabat dan kedudukan.

  153. ciri sabumi cara sadesa
    beda tempatna, beda deui adat jeung kabiasaanana
    beda tempat tinggal beda adat istiadat pula.

  154. clik putih clak herang
    iklas, kaluar tina hate beresih, rido pisan, teu aya geuneuk maleukmeuk
    ikhlas.

  155. congo-congo ku amis, mun rek amis ge puhuna
    anak-anakna teu bageur, da kolotna oge henteu
    anak-anak jelek kelakuannya karena orangtuanya juga jelek kelakuannya

  156. cueut ka nu hideung ponteng ka nu koneng
    pilih kasih, teu adil
    pilih kasih, tidak adil.

  157. cueut kaharep
    tereh maot

  158. cul dog tinggal igel
    ninggalkeun pegawean nu geus puguh hasilna, migawe deui nu can karuhan
    mengerjakan pekerjaan yang tidak berpenghasilan dan meninggalkan pekerjaan yang sudah pasti ada hasilnya.

  159. daek macok embung dipacok
    daek dibere embung mere, daek ngarah kana rejeki atawa pakaya batur, tapi diarah rejekina atawa pakayana ku batur mah embung
    mau diberi tidak mau memberi

  160. dagang oncom rancatan emas
    modal gede ari batina teu sabaraha
    modalnya besar tapi keuntungannya sedikit

  161. dah bawang dah kapas
    tah barangna tah duitna.

  162. daluang katinggang mangsi
    susuganan katuliskeun aya jodo waris
    mudah-mudahan mendpatkan jodoh

  163. deugdeug tanjeuran pada ngadeugdeug
    pada ngalalajoan, jadi tongtonan kulantaran pinter dina kasenian.

  164. deukeut deuleu pondok lengkah
    teu bebas indit-inditan atawa migawe atawa migawe hiji hal
    tidak bebas dan leluasa dalam melakukan sesuatu.

  165. deukeut-deukeut anak taleus
    sakitu padeukeut teu apal yen baraya
    meskipun berdekatan tetapi tidak hafal keluarga sendiri

  166. dibabuk lalayakeun
    dibabuk kenca katuhu

  167. dibejer-beaskeun
    dijentrekeun / dieceskeun

  168. dibere sabuku menta sajeungkal, dibere sajeungkal menta sadeupa
    ku sabab dibere hate, ngadadak loba pamentana
    karena diberi hati, akhirnya jadi banyak permintaan.

  169. dibeureum dihideung
    pasrah dikukumaha oge mangga
    pasrah mau diapakan juga terserah.

  170. dibeuweung diutahkeun
    dipikir heula
    dipikirkan lagi matang-matang.

  171. dihin pinasti anyar pinanggih
    sagala nu kaalaman atawa kalakonan ayeuna sabenerna geus ditangtukeun ti heula ku pangeran
    segala sesuatu itu sudah ada yang mengatur dan menentukan yaitu tuhan.

  172. dihurun-suluhkeun
    disamarutkeun, dihijikeun bae, disaruakeun bae, teu dibeda-beda
    yang jelek salah seorang, tetapi semuanya kena / dianggap salah semua

  173. dijieun hulu teu nyanggut, dijieun buntut teu ngepot
    teu beunang dijeujeuhkeun, kana sagala rupa teu eucreug
    tidak bisa diatur, segalanya serba tidak beres

  174. dikompet-daunkeun
    disamarutkeun, dihijikeun bae, disaruakeun bae, teu dibeda-beda
    yang jelek salah seorang, tetapi semuanya kena / dianggap salah semua

  175. dikungkung teu diawur, dicangcang teu diparaban
    ari dipegat mah teu acan, ngan geus teu dipeutingan jeung teu dibalanjaan.

  176. dipiamis buah gintung
    disangka hade hate atawa bageur, tapi buktina sabalikna
    disangka baik hati ternyata sebaliknya

  177. disakompet-daunkeun
    disamarutkeun, dihijikeun bae, disaruakeun bae, teu dibeda-beda
    yang jelek salah seorang, tetapi semuanya kena / dianggap salah semua

  178. disiksik dikunyit-kunyit dicacag diwalang-walang
    dihukum berat kacida, dihukum pati
    dihukum dengan seberat-beratnya.

  179. disuhun dina embun-embunan
    kacida ditarimakeunana
    diterima dengan senang hati.

  180. ditangtang ditengteng dijieun bonteng sapasi
    dialak ilik lantaran dianggap aneh.

  181. ditilik ti gigir lenggik, disawang ti tukang lenjang, diteuteup ti hareup sieup
    lenjang jeung geulis pisan, pantes kewes
    langsing dan cantik

  182. ditiung geus hujan
    kakara ati-ati sanggeus ngarandapan kasusah atawa kacilakaan
    baru hati-hati setelah mendapatkan musibah atau kecelakaan

  183. diuk ngahurun balung ku tulang
    teu puguh cabak, sagala bararingung.

  184. dogdog pangrewong
    acara panambah, bagian anu euweuh hartina, dina teu aya oge teu nanaon.

  185. dogong dogong tulak cau, geus gede dituar batur
    ngantian jeung mahugi parawan ti keur leutik keneh, sugan diparengkeun ku nu kawasa jadi pipamajikaneun, na ari geus gede dikawin batur, atuh hese cape taya gawe
    ungkapan untuk orang yang menandai perempuan sejak kecil, dengan memberi apa saja supaya nanti bisa dinikahi. tetapi ketika dewasa malah dinikahi oleh orang lain.

  186. dosa salaput hulu
    kacida loba dosana.

  187. duduga peryoga
    kudu bisa ngira-ngira hade gorengna
    harus bisa mengira-ngira baik-buruknya

  188. dug hulu pet nyawa
    usaha satekah polah

  189. dulang tinande
    awewe mah nurutkeun bae, kumaha diaturna jeung diparentahna ku nu jadi salaki
    perempuan anya menuruti kemauan suamminya

  190. duum tinggi
    ngabagikeun naon naon henteu kalawan adil aya nu loba, aya nu saeutik.

  191. eleh atah-atah
    babari eleh, elehan
    mudah kalah

  192. eleh deet
    ngelehan maneh
    mengalah, meski tidak setuju dengan persetujuan namun dengan terpaksa harus mengikuti persetujuan orang lain.

  193. eleh papan meunang halis
    sareatna eleh dina diaduna, tapi hakekatna meunang dina bebeneranana.

  194. eling-eling mangka eling rumingkang di bumi alam
    sakur jalma kudu inget kanu kagungan bumi jeung langit katul eusina, yen hirup teh darma wawayangan wae
    setiap mmanusia harus ingat bahwa di dunia hanya sebagai mahluk-Nya

  195. elmu ajug
    bisa mamatahan batur, ari sorangan teu bisa ngamalkeun
    pada orang lain menasehati namun dirinya sendiri tidak menjalankannya.

  196. elmu angklung
    patukang tonggong jeung kolot
    orang yang tidak menghormati orang tua atau yang lebih dewasa.

  197. elmu sapi
    samiuk kana kagorengan
    ikut dalam hal keburukan

  198. elmu tumbila
    pribumi, nu boga imah ngarugikeun ka tatamu.

  199. elmu tungtut dunya siar, sukan – sukan sakadarna,
    teangan elmu jeung harta banda keur pibeukeuleun engkena, sarta kudu bisa hirup basajan
    kita harus mencari ilmu dan harta serta hidup secara sederhana saja

  200. elok bangkong
    nuju sakarat, ngan kari tunggu dawuh bae.

  201. endog mapatahan hayam
    sahandapeun mapatahan ka saluhureun atawa nu ngira mapatahan nu geus kolot
    orang muda menasehati orang yang sudah berpengalaman atau sudah tua.

  202. endog sapatarangan tara megar kabeh
    najan saindung sabapa hneteu sarua milikna, rejekina atawa darajatna
    diantara saudara-saudara, ada saja masibnya yang kurang baik

  203. endog sasayang peupeus hiji peupeus kabeh
    mun di antara dulur-dulur aya saurang nu nyien codeka, sok mamawa ka sarerea
    kalau ada di antara saudara-saudara yang membuat kesalahan, maka yang lainnya suka terbawa-bawa

  204. endog tara megar kabeh
    najan saindung sabapa hneteu sarua milikna, rejekina atawa darajatna
    diantara saudara-saudara, ada saja masibnya yang kurang baik

  205. entong neangan pibonganeun batur
    picilakaeun nepi ka ku batur bisa dibongan-bongan.

  206. era parada
    era ku omongan/lampah batur nu matak aeb
    merasa malu mendengar aib dari orang lain.

  207. etopan gawe nu lian
    turut campur kana pagawean anu sejen pipiluen kana urusan batur
    ikut campur masalah orang lain.

  208. galagah kacaahan
    nganteur atawa ngalajur napsu kulantaran kapangaruhan ku batur
    berbuat hal yang tidak baik karena terbawa-bawa orang lain

  209. galak sinongnong
    lalaki bujang nu kakara aya sir ka awewe tapi can wani adu hareupan
    lelaki muda yang suka pada wanita namun belum berani untuk berhadapan.

  210. galak timburu
    babari timburuan
    cemburuan.

  211. galegeh gado
    sagala dicaritakeun, darehdeh tapi henteu terus kana hate.

  212. gancang pincang
    dipigawe gancang anggeus tapi hasilna kurang nyugemakeun
    pekerjaan yang dilakukan selesai dengan cepat maka hasilnya kurang bagus.

  213. gantung denge
    masih dedengeeun, hanteu terus bisa ngadengekeun hiji perkara jeung pohara hayangna neruskeun ngadengekeun
    merasa kecewa dengan hal yang sedang asyik didengarkan namun telah usai.

  214. gantung teureuyeun
    hanteu terus daharna sabab dahareunana geus beak atawa daharna kapaksa kudu eureun heula ku lantaran aya dahareun nu didagoan.

  215. garo singsat
    pagawean awewe dimana keur aya ka teu panuju

  216. gede cahak manan cohok
    leuwih loba ngaluar keun duit batan panghasilan
    lebih banyak pengeluaran daripada pemasukan

  217. gede gunung pananggeuhan
    adigung atawa asa aing kulantaran boga kolot atawa baraya baleunghar atawa jareneng, boga baranya atawa sobat luhur pangkat sarta gede dunya, anu dipake andalan pibisaen nulungan dina perluna
    punya saudara atau teman yang berpangkat dan kaya, tempat berlindung dan meminta pertolongan

  218. gede hulu
    adigung, asa aing
    sombong.

  219. gede-gede kayu randu, dipakeke pamikul bengkung, dipake lincar sok anggang, dipake pancir ngajedig
    ngeunaan ka jalma anu jangkung harelung tur dedeg ngan hanjakal gawena jeung karajinanana goreng.

  220. geletuk batuna kecebur caina
    kumaha behna bae, kumaha engke
    apa kata nanti saja.

  221. getas harupateun, pingges harepan
    gampang pisan nyalahkeun atawa ngahukum ka batur, babarian ambek
    muda menyalahkan orang lain

  222. geulis sisi, laur gunung, sonagar huma
    ari rupa mah tegep ngan dangong dusun meledug.

  223. gindi pikir belang bayah
    goreng hate, dolim, julig , dengki, teu setia satuhu
    tidak setia.

  224. ginding kakampis
    ari pake mah ginding ngan duit teu boga
    berpenampilan keren seperti orang kaya padahal isi sakunya kosong

  225. giri lungsi tanpa hina
    nu luhur jeung nu handap sarua bae ulah dihina.

  226. goong saba karia
    ngagulkeun diri sorangan, datang sorangan ka anu keur kariaan sanajan hanteu diondang, maksudna hayang dititah gawe sangkan seubeuh baranghakan.

  227. goreng peujit
    goreng hate
    dengki.

  228. gugon tuhon
    kukuh pengkuh boh ka dunungan atawa kana adat kabiasaan jeung kapercayaan
    taat atau teguh pendirian terhadap adat kepercayaan.

  229. gunung kapitan sela
    budak awewe nu boga lanceuk hiji jeung lalaki hiji sabalikna tina sela kapitan gunung.

  230. gunung luhur beunang diukur, laut jero beunang dijugjugan, tapi hate jalma najan deet teu kakobet
    nyaho kahayang atawa eusi hate jalma kacida hesena
    mengetahui isi hati orang itu susah sekali

  231. gunung tanpa tutugan, sagara tanpa tepi
    euweuh anggeusna, euweuh beakna, taya wates wangenna, euweuh tungtungna
    tanpa batas, tanpa tepi

  232. gurat batu
    pageuh kana janji, mawa karep sorangan, carek kudu kitu teh kudu kitu bae teu beunang dirobah
    teguh pendirian.

  233. gurat cai
    babari ngarobah omongan, jangji nu geus diucapkeun cidera jangji
    ingkar, tidak bisa dipegang janjinya atau omongannya.

  234. guru ratu wong tua karo
    guru, raja jeung kolot wajib dihormat jeung diturut parentahna
    guru atau orang tua harus dituruti perintahnya.

  235. gusti Alloh tara nanggeuy dibongkokna
    gusti Alloh tara nangtayungan ka mahlukna anu salah atawa boga dosa ka papada kawula.

  236. hade gogog hade tagog
    hade basa jeung hade tingkah lacuna
    pantas, baik ucap dan perilakuna

  237. hade ku omong goreng ku omong
    dina nyanghareupan masalah, rek hade rek goreng kudu dibadamikeun, sagala rupa perkara bisa disebut hade atawa goreng lantaran omonganana
    segala sesuatu disebut jelek lantaran dari omongannya.

  238. halodo sataun lantis ku hujan sapoe
    kahadean anu sakitu gedena tur lilana leungit pisan ku kagorengan atawa kasalahan sapoe
    kebaikan-kebaikan yang dilakukan akan hilang dengan sekali kesalahan

  239. hambur bacot murah congcot
    babari nyarekan tapi berehan, goreng ucapanana tapi sok barang bere
    mudah marah tapi mudah juga untuk memberi

  240. hampang birit
    gampang dititah, daekan
    giat atau rajin.

  241. hampang leungeun
    sok teuteunggeul, babari neunggeul
    suka bertindak kekerasan terhadap orang lain.

  242. handap asor
    daek ngahormat atawa ngajenan ka batur
    sopan santun terhadap sesama.

  243. handap lanyap

  244. handep lenyap
    sikep jeung omongan alus tapi ngahina
    sikapnya ramah atau sopan namun mudah menyinggung orang lain.

  245. hanteu gedag bulu salambar
    hanteu sieun atawa gimir saeutik eutik acan.

  246. hapa hapa ge ranggeuyan
    sanajan miskin oge salaki mah boga.

  247. harewos bojong
    harewos anu cukup tarikna, nepi kadenge ku jalma anu deukeut kalawan tetela pisan
    berbisik bisik namun masih kedengaran oleh orang.

  248. harigu manukeun
    dadana nonjol ka hareup

  249. haripeut ku teuteureuyeun
    gancang atoh dina meunangna rejeki, boh dahareun boh duit kalawan teu ngingetkeun balukarna ieu teh rejeki halal atawa haram
    cepat menerima, tidak dipikir secara matang

  250. harus omong batan goong
    beja nu can tangtu bener salana sok gancang pisan sumebarna
    kabar burung atau fitnah biasanya lebih cepat tersebar dan dilebih lebihkan.

  251. hayang untung jadi buntung
    teu papanggih ari jeung kauntungan mah, papanggih soteh jeung karugian anu sama sakali henteu diarep arep.

  252. hejo tihang
    pundah pindah pagawean, resep jeung remen gunta ganti imah tempat atawa pagawean
    suka berpindah pindah, suka berganti ganti pekerjaan.

  253. henteu asa jeung jiga
    geus loma kacida
    sudah biasa memberi kepada orang seperti saudara kandung sendiri.

  254. henteu unggut kalinduan gedag kaanginan
    henteu kapangaruhan ku rupa-rupa gogoda pageuh nyekel tangtungan sorangan
    sangat teguh dalam memegang prinsip.

  255. herang caina beunang laukna
    maksud bisa kahontal kalawan beres tanpa ngarugikeun atawa nganyenyeri batur.

  256. herang herang kari mata, teuas teuas kari bincurang
    bareto mah beunghar ayeuna kari miskina.

  257. heueuh heueuh bueuk
    nyatujuan ari diluar mah, ngan bae henteu terus jeung hatena.

  258. heuras genggerong
    omongana teureugeus, hayang menang sorangan

  259. heuras letah
    hatinya keras, omongannya kasar

  260. heureut pakeun
    kurang kaboga

  261. heurin ku letah
    hayang jeung perlu ngabejakeun hiji perkara, ngan sieun pok kulantaran loba karisi atawa karempan
    yang perlu dibicarakan susah untuk diucapkan

  262. hirup disuhun paeh dirampes
    pasrah menerima

  263. hirup ku panyukup gede ku pamere
    hirup samahi mahi ku pamere batur bae, sabab teu purun hojah sorangan dina enggoning nyiar kipayah.

  264. hirup nuhun paeh dirampes
    rido pisan pasrah pisan, teu boga kahayang naon naon.

  265. hirup teu neut, paeh teu hos
    terus terusan gering ripuh tapi teu maot
    sakit yang berkepanjangan namun tidak mati mati.

  266. hirup ulah manggih tungtung, paeh ulah aya beja
    kudu bageur kudu hade laku lampah supaya alus kacaritakeunana

  267. hujan cipanon
    ceurik balilihan, loba nu ceurik
    tersedu sedu, sedu sedan, menangis.

  268. hulu dugul dihihidan
    nu keur senang tambang senang, nu keur untung tambah untung
    yang sedang untung makin untung

  269. hulu peutieun
    jalma anu leutik sirahna henteu surup jeung awakna
    orang yang kepalanya kecil yang tidak sebanding dengan perawakan tubuhnya.

  270. hunyur nandean gunung
    nyaruaan ka jalma saluhureun harkatna atawa pangabogana.

  271. hurip gusti waras abdi
    upama raja senang sarta mulya rahayat cageur
    zaman feodal.

  272. hurung nangtung siang leumpang
    ginding jeung hirup mewah, nembongkeun kabeungharan dina tingkah laku sapopoe
    orang yang memperlihatkan kekayaan dalam kehidupan sehari-hari

  273. hutang salaput hulu
    hutangna ka ditu ka dieu

  274. ieu aing
    merasa diri paling pintar, gagah, dan sebagainya

  275. ieu aing uyah kidul
    boga rasa pangleuwihna ti pada batur, boh ngeunaan rupa, pangarti, pangaboga, pangkat atawa kakawasaan.

  276. ilang along margahina, katinggang pangpung dilebok maung, rambutna salambar, getihna satetes, ambekanana sadami, agamana darigamana, kaula nyerenkeun
    masrahkeun sagalana hadena gorengna, bagja cilakana - biasana sok dipake dina seserahan.

  277. indit sirib
    indit sarerea saeusi imah
    berangkat semuanya, anak, cucu dan kerabat

  278. indung lembu bapa banteng
    turunan gagah, beunghar, atawa menak ti indung atawa ti bapa
    orang keturunan berada baik dari ibu maupun dari ayah

  279. indung peuting
    mega peuting anu sok katembong ti peuting.

  280. indung suku ge moal dibejaan
    niat pageuh nyekel rusiah
    niat kuat menjaga raasia

  281. inget inget poho
    teu inget kana perkara nu geus kajadian baheula.

  282. inggis batan maut hinis rempan batan mesat gobang
    paur kacida matak risi kacida
    sangat risih dan tidak nyaman.

  283. ipis biwir
    babari ceurik
    cengeng, gambreng atau mudah sekali menangis.

  284. ipis kulit beungeut
    gede kaera, eraan
    pemalu sekali.

  285. iwak nangtang sujen
    wani nyorang pibahayaeun atawa picilakaeun
    melakukan perbuatan yang menantang bahaya

  286. jabung tumalapung sabda tumapalang
    milu nyaritakeun hiji perkara sakapeung nempasan omongan batur, nyeta-nyeta siga nu nyaho, padahal teu nyaho nanaon
    orang yang tidak tahu urusan tapi ikut campur

  287. jadi maung malang
    jadi panghalang, ngeunaan ka lalaki nu ngahalangan pijodoeun hiji awewe.

  288. jadi sabiwir hiji
    jadi omongan jalma loba

  289. jadi senen kalemekan
    mindeng dicaritakeun batur.

  290. jagangna ka urang, ari jagongna ka batur
    urang nu hese capena ari hasilna beunang ku batur
    kita yang berjerih payah, orang lain yang menikmati hasilnya

  291. jalma atah warah
    jalma kurang didikan

  292. jalma cepet bener
    jalma lempeng tur jujur

  293. jalma jauh ka bedug
    jalma dusun, euweuh kanyaho

  294. jalma kandel kulit beungeut
    jalma euweuh kaera.

  295. jalma pasagi
    jalma euweuh kakurangna
    orang yang tidak ada kekurangan

  296. jaman baheula
    waktu nu kaliwat geus lila
    jaman dahulu

  297. jaman cacing dua saduit
    jaman baheula pisan.

  298. jampe pamake
    rupa-rupa pamake jeung pamolah pikeun ngahasilkeun maksud.

  299. janget kinatelon
    turunan hade atawa goreng ti indung ti bapa.

  300. jati kasilih ku junti
    menak kaelehkeun ku somah atawa pribumi kaaelehkeun ku semah
    orang besar dikalahkan oleh rakyat biasa, pribumi kalah oleh tamu, orang lama kalah oleh orang baru.

  301. jauh dijugjug anggang diteang
    sanajan jauh tetep didatangan

  302. jauh jauh panjang gagang
    hanas jauh jauh oge dijugjug, ngan hanjakal ku teu hasil.

  303. jauh ka bedug anggang ka dayeuh
    dusun, teu nyaho kana tata-titi, tidak tanduk, suba sita, duduga jeung peryoga
    orang dusun tidak tahu adat/sopan santun

  304. jauh ka bedug anggar ka dulang
    dusun teu nyaho kana adat

  305. jauh tanah ka langit
    mikahayang nu pamohalan laksana.

  306. jawadah tutung biritna, sacara-sacara
    unggal daerah boga adat jeung kabiasaanana sewang-sewang, adat kabiasaan teu sarua dimana-mana
    adat istiadat/kebiasaan di berbagai daerah tidak sama

  307. jegjeg ceker
    cape kulantaran leumpang ka dieu ka dieu.

  308. jejer pasar
    lumrah bae, mun ka lalaki, kasep henteu, goreng henteu.

  309. jeung leweh mah mending waleh
    leuwih hade wakca balaka ngedalkeun kahayang ti batan ngandung kabingung teu wani pok nyarita.

  310. jogjog neureuy buah loa
    mikarep ka anu lain babad, milampah anu moal pihasileun, mikahayang nu teu layak
    menginginkan yang tak layak

  311. jojodog unggah ka salu
    urut badega jadi nu jeneng atawa jadi juragaan istri
    bekas orang bawahan menjadi atasan atau bekas pembantu menjadi nyonya rumah

  312. ka cai jadi saleuwi ka darat jadi salogak
    layeut, runtut raut sauyunan silih pihapekeun
    akur, rukun, seia sekata

  313. ka hareup ngala sajeujeuh, ka tukang ngala sajeungkal
    hirup ati-ati make itungan
    hidup hati-hati dengan perhitungan

  314. ka luhur teu sirungan kahandap teu akaran
    jalma nu jahat, julig jeung dengki mah moal jamuga, moal aya kamajuan boh ngeunaan pangkat, boh rejeki.

  315. kabawa ku sakaba-kaba
    kapangaruhan atawa kabawakeun ku batur nu teu pati eucreng

  316. kabedil langit kabentar gelap
    kalinglap
    pangling

  317. kabeungbeurat dada
    tanggung jawab

  318. kabeureuyan mah tara ku tulang munding tapi ku cucuk peda
    nu matak cilaka teh biasana ku lantaran mokahaan tina urusan leutik
    kecelakaan biasanya disebabkan oleh hal-hal sepele

  319. kacanir bangban
    meunang kaera
    mendapatkan malu

  320. kaceluk ka awun-awun kawentar ka janapria, kakoncara ka mancanagara
    kawentar pisan, kamashur
    mashur, sangat terkenal

  321. kaciwit kulit kabawa daging
    kabawa goreng, kababawa, katarik kana hiji perkara, keukeuh milu susah, sanajan teu boga salah jeung henteu milu ulubiung perkarana
    tersangkut masalah walaupun tidak bersalah

  322. kahareup ngala sajeujeuh, ka tukang ngala sajeungkal
    hirup kudu ati-ati, make itungan keur kahareupna sareng pangalaman saacanna
    hidup harus berhati-hati, harus punya perhitungan agar tidak salah melangkah.

  323. kahieuman bangkong
    beunghar katitipan barang batur, jiga beunghar katenjona ku batur mah padahal miskin teu boga nanaon.

  324. kai teu kalis ku angin
    unggal jalma awal ahir tangtu bakal pinanggih jeung kasusahan.

  325. kajeun pait tungtung amis manan amis tungtung pait
    tibatan ahirna matak susah, leuwih hade dicaritakeun ti heula naon anu matak pisusaheunana.

  326. kajeun panas tonggong asal tiis beuteung
    kajeun teuing cape gawe asal bisa dahar kalawan cukup, nuduhkeun jalma getol digawe, cape oge ngereuyeuh we, nu antukna bisa meunang pangupa jiwa
    rajin bekerja, supaya dapat upah.

  327. kakeureut ku sieup, katindih ku kari-kari
    pantes keuna ku panyangka

  328. kalapa bijil ti cungap
    muka rahasia sorangan lantaran teu dihaja
    rahasianya terbuka dengan sendirinya

  329. kaliung kasiput
    loba baraya beunghar

  330. kandel kulit beungeut
    teu aya kaera, euweuh kaera
    tidak punya rasa malu

  331. kapas nu dipupul bayu
    leuleus taya tangan pangawasna

  332. kapiring leutik
    kaisinan, meunang kaera
    mendapat malu

  333. katempuhan buntut maung
    ngagantian kasusah batur, batur anu salahna atawa anu boga dosana, tapi urang anu kudu nyanghareupan balukarna
    jadi pengganti kesusahan orang lain, terbawa urusan orang lain

  334. katuliskeun jurig
    asalna heureuy jadi enyaan

  335. katumbukan catur kadatangan carita
    loba anu embung sabab ngagedekeun jeung ngagugulukeun panyerewedan.

  336. katurug katutuh
    keur cilaka katambah musibah anyar
    sedang celaka bertambah lagi kemalangannya

  337. kawas anjing jeung ucing
    sok parasea bae

  338. kawas anjing kadempet lincar
    mere parentah ka batur teu kalawan sabar, malah bari ambek ambekan sagala
    menyuruh dengan tidak sabar dan marah-marah

  339. kawas anjing tutung buntut
    kerebet ka ditu berebet ka dieu, kawas nu samar rasa
    gelisah, sedang kebingungan, tidak betah di rumah karena bawaan senang atau susah.

  340. kawas awi sumaer di pasir
    teu boga pamadegan
    tidak punya pendirian yang kukuh

  341. kawas bangkong katuruban batok
    bodo
    bodoh, sangat bodoh

  342. kawas beusi atah beuleum
    rupana geuneuk bakat ku ambek
    raut wajah yang sangat marah.

  343. kawas budak rodek hulu
    teu ngupama, teu ngajenan, teu ngahargaan pisan.

  344. kawas bueuk meunang mabuk
    ngeluk jeung teu bisa ngomong, lantaran rumasa boga dosa
    diam tidak bisa bicara karena merasa bersalah

  345. kawas cucurut kaibunan
    ngeunaan ka jalma anu matak sareukseuk panon.

  346. kawas gaang katincak
    jempe, ngadadak simpe sapada harita.

  347. kawas gula jeung peueut
    jadi hiji, tina hade pada hade/silih asih, kacida layeutna, tara aya pacogregan
    saling menyayangi tidak ada perselisihan

  348. kawas hayam keur endogan
    cilingcingcat bae, teu daek cicing lantaran hate kaweur atawa geus teu sabar ngadagoan nu diarep-arep
    tidak bisa diam karena sedang gelisah, menunggu sesuatu yang diharapkan datang

  349. kawas hayam panyambungan
    tacan nyaho di kaler kidul, kawantu anyar keneh aya di eta tempat.

  350. kawas jeler kasaatan
    teu daek icing

  351. kawas jogjog mondok
    teu daek repeh, recok.

  352. kawas kacang ninggang kajang
    ngomongna tarik tur gancang, biasana ngeunaan ka awewe nu keur ngambek bari nyarekan.

  353. kawas kedok bakal
    goreng patut pisan

  354. kawas kuda leupas ti gedogan
    bingung ku kamerdekaan, terus sakama-kama nganteur kahayang, ngalajur napsu, ngumbar kahayang lantaran geus euweuh nu ngahalangan
    mengejar semua keinginan karena sudah tidak ada lagi yang menghalangi

  355. kawas lauk asup kana bubu
    gampang asupna kana hiji hal tapi pohara hesena hayang kaluar ninggalkeun eta hal teh.

  356. kawas merak
    beuki kana cengek

  357. kawas nanggeuy endog beubeureumna
    kacida dadah-deudeuhna ka nu dipikanyaah lantaran inggis kumaha onam, gering, cilaka, labuh , jsb
    benar-benar menyayangi karena takut sakit atau celaka, dll

  358. kawas nu dipupul bayu
    taya tangan pangawasa.

  359. kawas nu mulangkeun panyiraman
    sok nu lain lain, jeung hese ngayakeunana nu dipikayang ku jalma nu tereh ajal, kahayangna sabisabisa kudu dicumponan bae, sanajan matak ngarepotkeun ka ahlina/ kulawargana.

  360. kawas siraru jadi
    pabaliut ku tina lobana, ngeunaan ka jelema.

  361. kawas terong beulah dua
    sama dengan orangtuanya.

  362. kawas wayang pangsisina
    ngeunaan jalma nu goreng rupana.

  363. kebo mulih pakandangan
    balik ti pangumbaran ka tempat asal dilahirkeun
    dari perantauan pulang ke tempat kelahiran

  364. kejo asak angeun datang
    kabeneran keuna kana maksudna, henteu ngalilakeun deui.

  365. kejot borosot
    gancang nyokot kaputusan teu dipikir heula

  366. kelek jalan
    deukeut tapi jalana teu ya nu leumpeung

  367. kembang buruan
    budak nu keur resep ulin

  368. keur meujeuhna bilatung dulang
    laleutik keneh pisan keur meujeuhna bareuki dahar.

  369. keur meujeuhna buta tulang buta daging
    keur meujeuhna bedas kira-kira umur 30 taun.

  370. keur meujeuhna hejo lembok rambay carita
    keur meujeuhna loba pakaya jeung loba rejeki.

  371. keur nuju bentang surem
    keur sue,atawa tiis badan, lamun guna tani ku hama, lamun dagang terusterusan rugi bae.

  372. kiceupna sabedug sakali
    pohara lungguhna.

  373. kiruh ti girang kiruh ka hilir
    lamun anu di luhurna teu balageur jeung teu balener, tangtu nu dihandapna oge milu teu bener milu teu bageur.

  374. kokolot begog
    budak pipileun ngomong kana urusan kolot, ngomong teu merenah kawas kolot.

  375. kokoro manggih mudlud, puasa manggih lebaran
    kokomoan, barang dahar, anu saumur-umur miskin tuluy dina hiji waktu pinanggih jeung kamulyaan atawa rejeki anu gede, sasarina sok makmak-mekmek nepi ka siga mangpang meungpeung
    orang yang ajimumpung, serakah dan tidak tahu batas.

  376. kokoro nyenang
    menempatkan barang tidak pada tempatnya

  377. kokoro nyoso, malarat rosa, lebaran teu meuncit hayam
    kacida miskina, jalma nu kacida malaratna

  378. kotok bongkok kumorolong, kacingcalang kumarantang
    pipilueun kana hiji kalakuan kulantaran kabawakeun ku batur, henteu kalawan kahayang sorangan, nepi ka goreng katenjona.

  379. kudu bisa kabula kabale
    kudu bisa mawa awak
    kita harus dapat membawa diri.

  380. kudu bisa ngeureut neundeun saeutik mahi loba nyesa
    kudu apik dina nyekel harta banda supaya boga bekel

  381. kudu nyaho lautanana kudu nyaho tatambanganana
    harus tahu apa kesukaannya, perilakunya, kebiasannya, dan sebagainya.

  382. kujang dua pangadekna
    pagawean nu maksudna dua cabak, hiji pagawean anu ngandung dua rupa maksud.

  383. kukuk simpung dilawan dada leway
    sarua gorengna, nu ngambek dilawan, nu burung dilawan gelo
    perbuatan yang sama-sama jeleknya

  384. kulak canggeum bagja awak
    milik hade atawa goreng anu geus ditangtukeun ti ajalina keneh ku gusti nu maha suci, Alloh SWT

  385. kumaha bule hideungna bae
    kumaha engke bae buktina, kumaha behna.

  386. kumaha kejebur caina geletuk batuna
    kumaha jadina bae, henteu jadi pikiran, kumaha engke bae buktina, kumaha behna

  387. kunang kunang nerus bumi
    ramana geus teu jeneng deui, putrana awal ahir aya nu jeneng cara ramana.

  388. kurang jeujeuhan
    kurang itungan
    kurang berhati-hati atau kurang perhitungan.

  389. kurang saeundan
    rada gelo, teu eucreug

  390. kuru cileuh kentel peujit
    tirakat, ngurangan sare jeung dahar lantaran aya nu dimaksud
    mengurangi tidur dan makan

  391. kurung batok
    teu resep nyanyabaan, cicing diimah bae,tara iinditan

  392. labuh diuk tiba neundeut
    sarua salahna, pada-pada cilaka
    orang yang sama-sama bersalahnya dan juga sama sama celakanya.

  393. laer gado
    resep barang penta, sok culamitan

  394. lain bantrak bantrakeun
    taya tandinganana
    tiada tanding, tak tertandingi atau tak ada yang bisa mengalahkan.

  395. lain ku tulang munding kabeureuyan mah, ku cucuk peda
    arek cilaka mah ku kasalahan anu leutik oge bisa, teu kudu ku kasalahan anu gede bae
    masalah besar itu bisa datang dari kesalahan kecil yang diabaikan

  396. lain lantung tambuh laku, lain lentang tanpa beja lain leumpang maladra
    indit ti imah kalawan ngandung maksud anu tangtu, lain lapmah sakaparan paran henteu puguh anu dijugjug.

  397. lalaki kembang kamangi
    seorang pria atau lelaki yang tidak mampu mencukupi kebutuhan rumah tangga atau kebutuhan materi keluarganya.

  398. lalaki langit lalanang jagat
    seorang lelaki yang tampan dan juga gagah perkasa.

  399. landung kandungan laer aisan
    gede timbangan atawa gede hampura
    bijak, pemaaf dan besar pertimbangan

  400. langsung saur bahe carek
    sok gampang ngagelendeng atawa nyarekan
    orang yang mudah sekali menyakiti orang lain baik dengan perkataan atau tindakan

  401. lantip budi
    jalma nu bisaan ngaragap hate batur
    orang yang mudah sekali mengerti orang lain, atau orang yang peka terhadap isi hati orang lain meski tidak bisa membicarakannya atau mengungkapkannya.

  402. lauk buruk milu mijah piritan milu endogan
    pipilueun nyarita atawa ilubiung kana sarupaning urusan, padahal lain cabakna atawa ahlina
    ikut campur mengerjakan sesuatu yang bukan keahliannya

  403. lebeut buah hejo daun
    sedang beruntung atau sedang dalam banyak rizki.

  404. legeg lebe budi santri, ari lampah euwah-euwah
    tindak tandukna kawas jalma alim, sihoreng jalma jahat sok pulang-paling
    orang jahat mengelabui orang lain dengan tingkah laku yang baik

  405. legok tapak genteng kadek
    loba elmu jeung pangalaman
    banyak pengetahuannya atau pengalamannya

  406. lesang kuras
    teu bisa nyekel duit

  407. leubeut buah hejo daun
    keur meujeuhna loba rejeki, loba pakaya.

  408. leuleus awak
    daekan

  409. leuleus jeujeur liat tali
    gede tinimbangan henteu getas harupateun, sabar darana
    besar pertimbangan, tidak cepat emosi dan penyabar

  410. leumpang nurutkeun indung suku
    orang yang berpergian namun tidak tahu arah dan tujuannya.

  411. leumpeuh yuni
    teu kuat nempo nu cilaka

  412. leunggeuh cau beuleum
    teu lutreuk dina ngajalankeun hiji pagawean.

  413. leutik burih
    euweuh kawani.

  414. leutik cahak, gede cohok
    ari panghasilan saeutik tapi ari pangaluaran mah gede.

  415. leutik ringkang gede bugang
    jalma mah teu beunang disapirakeun sabab sanajan leutik warugana, dina aya papaitna atawa bobor karahayuan mah bisa jadi kasusah sarerea.

  416. leutik-leutik ngagalatik
    sanajan leutik awakna henteu jangkung tur gede, tapi leber ku wawanen.

  417. leuwi jero beunang diteuleuman, hate jalma najan deet teu kakobet
    hade gorengna pikiran jalma hese dikira-kirana.

  418. lieuk euweuh ragap taya
    teu boga nanaon, malarat
    tidak punya apa-apa, miskin

  419. loba catur tanpa bukur
    loba ngomong wungkul tanpa eusi
    orang yang banyak berbicara namun kenyataannya dalam bertindak tidak ada.

  420. loba luang jeung daluang
    loba pangalaman jeung pangaweruhna

  421. loba teuing jaksa
    loba teuing anu pinter nu ngatur jeung mapatahan, balukarna matak bingung nu dipapatahan.

  422. lodong kosong ngelentrung
    kalah ka loba omong bae, ari pangartina mah euweuh.

  423. luhur kuta gede dunya
    beunghar taya kakurang, gede pangaruh
    kaya dan besar pengaruhnya

  424. luncat mulang
    teu beunang dicekelan omonganana, ayeuna kieu engke mah kitu
    tidak bisa dipegang ucapannya

  425. lungguh tutut bodo keong, sawah sakotak kaider kabeh
    siga nu lungguh katenjona, padahal bangor
    kelihatannya pendiam dan pemalu tetapi ternyata nakal

  426. malapah gedang
    nyaritana enteu langsung ka nu dituju
    ngomong basa basi dulu kesana kemari, tidak langsung ke topik utama.

  427. malengpeng pakel ku munding, ngajul bulan ku asiwung
    ngajalankeun mikarep hiji perkara anu taya pihasileunana
    menjalankan usaha yang tidak akan ada hasilnya

  428. maliding sanak
    henteu adil, pilih kasih.

  429. malikeun pangali
    mengingatkan cerita yang tertunda atau tidak selesai.

  430. mangkok emas eusi madu
    orang yang baik budi dan bahasanya.

  431. mangpengkeun kuya ka leuwi
    nitah mulang ka lemburna, atawa nitah pindah ka tempat bali geusan ngajadi.

  432. manis lambe
    janji sanggup apa saja, tetapi cuma di mulut

  433. manuk hiber ku jangjangna
    manusia hidup dengan akalnya, setiap mahluk hidup diberi kekuatan untuk mencari rizki mereka sendiri.

  434. mapatahan naek ka monyet
    mengajarkan sesuatu yang sia-sia karena yang diajarkan sudah bisa.

  435. mapatahan ngojay ka meri
    mapatahan jalma anu lewih loba kanyaho jeung pangalaman
    mengajari orang yang lebih tahu dan banyak pengalaman

  436. mapay ka puhu leungeun
    kesalahan jalma sok mamawa ka kolotna atawa ka saluhureunnana
    akibat kesalahan seseorang akan mengakibatkan orang tuanya terlibat

  437. marebutkeun balung tanpa eusi
    madukeun perkara anu teu aya hasil
    memperebutkan sesuatu yang tidak ada manfaatnya

  438. marebutkeun paisan kosong
    marebutkeun hiji perkara anu teu aya hasilna atawa mangpaatna
    memperebutkan sesuatu yang tidak ada manfaatnya

  439. maung ompong, bedil kosong
    dipikahormat atawa dipikasieun keneh sanajan geus teu boga pangkat atawa jabatan
    orang yang sangat ditakuti atau dihormati meskipun tidak mempunyai jabatan atau kekuasaan.

  440. maut nyere ka congona
    keur ngora senang, tapi ari kakolotnakeun susah.

  441. meber-meber totopong heureut
    ngajeujeuhkeun rejeki saeutik supaya mahi
    mengatur uang yang sedikit agar cukup

  442. melengkung beukas nyalahan
    ari keur ngora keneh bageur tapi kakolotnakeun jadi teu bageur
    yang dikira-kira bagus ternyata hasilnya sebaliknya.

  443. menta buntut
    menta deui
    minta lagi

  444. mere langgir kalieun
    mere naon-naon anu bisa jadi aya pisusaheunana atawa pibahlaeunana.

  445. meuli teri meunang japuh
    kalawan teu disangka sangka meunang milik, darajat atawa kauntungan anu leuwih gede.

  446. meunang kopi pait
    meunang omongan nu teu ngeunah
    mendapat cacian atau mendapatkan omelan dari orang lain

  447. meungpeun carang ku ayakan
    api-api teu nyaho, ngantep jalma migawe hal nu dilarang
    pura-pura tidak tahu

  448. meungpeung teugeu harianeun
    embung pisan tutulung ka batur nu keur susah atawa loba kabutuh.

  449. miceun batok meunang coet
    miceun nu goreng kulantaran hayang meunang anu alus, tapi tungtungna meunang nu goreng deui bae.

  450. mihape hayam ka heulang
    nitipkeun barang atawa banda ka jalma anu geus kaciri teu jujur
    menitipkan sesuatu kepada orang yang sudah kelihatan culas

  451. mindingan beungeut ku saweuy
    nyimbutan rahasia sorangan nu geus jadi rahasia umum, atawa nembongkeun budi parangi anu biasa ka jalma anu dipikangewa, api-api resep bae
    menutupi rahasia yang sudah jadi rahasia umum atau memperlihatkan sikap yang biasa kepada orang yang dibenci

  452. mipit teu amit ngala teu menta
    maling boga batur.

  453. miyuni hayam kabiri
    leutik burih babari sumerah eleh atawa lalaki nu babari sumerah ka awewe.

  454. miyuni kembang
    loba nu mikaresep

  455. miyuni kohkol
    nasibna diteunggeulan wae ku batur

  456. miyuni tai
    loba nu mukangewa

  457. moal ceurik menta eusi
    keun bae mawa wadah anu gede oge da lain hayang loba diberena.

  458. moal neangan jurig teu kadeuleu
    arek nyekel jalma nu aya bae, moal neangan jalma nu euweuh.

  459. mobok manggih gorowong
    aya jalan pikeun ngalaksanakeun kahayang anu henteu gampang pihasileun
    menemukan cara untuk melaksanakan keinginan

  460. monyet dibere sesengked
    orang jahat diberi jalan untuk memuluskan aksinya.

  461. monyet kapalingan jagong
    tukang maling kapalingan, tukang tipu katipu, tukang ngarah nagrinah karoroncodan
    pencuri jadi korban pencurian, penipu ditipu

  462. monyet ngagugulung kalapa
    mempunyai sesuatu tetapi tidak tahu cara menggunakannya.

  463. mopo memeh nanggung
    hoream atawa wegah, teu sanggup samemeh prak
    malas, merasa tidak sanggup berbuat padahal belum dikerjakan, bisa juga kumeok memeh dipacok.

  464. moro julang ngaleupaskeun peusing
    ngaleupaskeun barang nu geus kapimilik lantaran kabita ku nu leuwih gede, padahal can tangtu hasilna
    melepaskan sesuatu yang telah dimiliki karena menginginkan sesuatu yang lebih besar padahal belum tentu didapat

  465. mulih ka jati mulang ka asal
    maot, ninggalkeun alam dunya
    meninggal dunia

  466. mun kiruh ti girangna komo kahilirna
    lamun anu jadi pamingpin lampahna kurang hade, komo anu dipingpina
    kalau tingkah laku pimpinannya kurang baik apalagi bawahannya, ketika keadaan sudah rumit diawal maka seterunya juga akan lebih rumit lagi

  467. mun teu ngakal moal ngakeul, mun teu ngarah moal ngarih, mun teu ngoprek moal nyapek
    mun teu usaha moal boga rejeki
    jika tidak bekerja, tidak akan mendapatkan penghasilan

  468. muncang labuh ka puhu, kebo mulih pakandangan
    mulang ka lemburna sabada mang taun taun aya di pangumbaraan/ panyabaan
    kembali pada tempat asal atau tanah kelahirannya

  469. mupugkeun tai kanjut
    ngetrukeun pangaboga dina waktuna nyunatan atawa ngawinkeun anak anu kacida dipikameumeutna.

  470. murag bulu bitis
    teu daek cicing di imah
    tidak betah diam di rumah, lebih suka bepergian

  471. naheun bubu pahareup hareup
    dina pangabutuh silih injeuman duit, pahutang-hutang.

  472. nangkeup mawa eunyeuh
    mawa cilaka ka jalma anu dipentaan tulung jeung geus nulungan ka urang
    membawa celaka pada orang yang dimintai pertolongan

  473. nangtung kariung ngadeg karageman
    ngariung rarageman ngabadamikeun hiji perkara.

  474. nepak cai malar ceret
    api-api nyual, susuganan bisa nyaho tina jawaban nu ditanya. hasud ka batur/manehna hayang dipihade, ngomongkeun jeung ngagogoreng batur, supaya batur teh ragrag ngarana jeung kawentar kagorenganana
    pura-pura bertanya, mudah-mudahan mendapat jawaban yang sebenarnya

  475. nepakeun jurig pateuh
    mere susah atawa mindahkeun masalah ka batur sangkan urang sorangan salamet
    memberikan masalah/kesulitan kepada orang lain

  476. nepi memeh indit
    kudu direncanakan kalawan asak
    kita harus berfikir matang sebelum bertindak.

  477. nete porot ngeumbing lesot
    cukup ari ihtiar mah kalawan mangrupa-rupa akal tarekah tapi teu hasil bae.

  478. nete semplak nincak semplak
    kitu salah kieu salah, sagala usaha teu hasil
    serba salah, segala usaha tidak berhasil

  479. nete taraje nincak hambalan
    kudu puguh tahapanana mun migawe pagawean
    melakukan pekerjaan harus setahap-setahap

  480. neukteuk curuk dina pingping
    ngadakwakeun nu lian, tapi nu ngadakwakeunana milu susah, sabab milu katarik kana perkara, milu adu hareupan jeung hakim.

  481. neukteuk mani anggeus, rokrok pondokeun peunggas harupateun
    heuras hatena teu sabar dina nyanghareupan rupa-rupa kasusahan jeung babari luluasan.

  482. neundeun piheuleut nunda picela
    neangan pilantaraneun supaya jadi goreng

  483. ngabejaan bulu tuur
    ngabeaan nu geus apal
    memberitahu kepada yang yang sudah tahu.

  484. ngabudi ucing
    teu wani nembongkeun atawa ngedalkeun kahayang atawa kadeudeuh.

  485. ngabuntut bangkong
    teu puguh tuluyna

  486. ngadago uncal mapal
    menunggu sesuatu yang belum tentu datang.

  487. ngadagoan belut sisitan, oray jangjangan
    moal kaalaman, mustahil kaajaiban
    tidak mungkin terjadi

  488. ngadagoan kuah beukah
    ngadagoan pasesaan kadaharan hal ieu ngan wungkul tukang babantu di imah batur bae, anu saenyana mah ayana tukang babantu teh henteu perlu.

  489. ngadagoan uncal mabal
    ngadagoan jeung mikahayang kana rejeki tapi sungkan ihtiar pikeun ngadatangkeun eta rejeki.

  490. ngadaun ngora
    jadi rame

  491. ngadaweung ngabangbang areuy
    pohara nineungna kana jaman nu geus kasorang nepi ka matak waas pacampur jeung sedih.

  492. ngadek sacekna, nilas saplasna
    nyarita anu teu dileuwihan atawa dikurangan.

  493. ngadepaan lincar
    api-api ngaliwat hayang diaku, ngarep-ngarep pamere. ngadeukeutan anu keur sidekah atawa kariaan, supaya katenjo ku anu boga imah jeung diajak dahar.

  494. ngadu angklung di pasar
    papaduan nguruskeun nu euweuh mangpaatna di hareupeun jalma loba.

  495. ngadu geulis
    paalus alus

  496. ngadu-ngadu rajawisuna
    ngadukeun batur nepi ka matak pasea.

  497. ngagandong kejo susah nyatu
    loba ari titaheun mah boh anak boh bujang ngan hanjakal ku hese nitah, euweuh nu daekeun ari dititah teh.

  498. ngagedag bari mulungan
    nanyakeun hiji perkara ka batur anu urang tacan nyaho, tapi embung kanyahoan yen urang tacan nyaho, kulantaran kitu api-api geus nyaho bae
    menanyakan sesuatu yang dia tidak tahu, tapi ketika bertanya dia pura-pura sudah tahu

  499. ngahurun balung ku tulung
    keur keuna ku kasusahan
    sedang kesusahan.

  500. ngajul bentang ku asiwung
    hal anu pamohalan kalaksanakeun
    hal yang tidak mungkin terjadi

  501. ngajul bulan ku asiwung, mesek kalapa ku jara
    usaha anu mubadir, moal ngadatangkeun hasil asiwung -kapas nu geus diberesihan sikina, biasana dipake keur mayit nutupan liang-liangan.

  502. ngalebur tapak
    nutupan atawa nyumptkeun kagorengan
    menghilangkan atau menutup perbuatan jelek, supaya terlihat baik.

  503. ngalegokan tapak ngajeroan tapak
    menambah kesalahan/dosa.

  504. ngaliarkeun taleus ateul
    ngabeja-bejakeun kagorengan atawa kajahatan batur
    membuka aib orang lain

  505. ngarawu ku siku
    loba kahayang antukna euweuh nu kahontal
    keinginannya banyak, akhirnya tidak dapat apapun.

  506. ngarep-ngarep bentang ragrag
    ngarep-ngarep nu pamohalan bakal kasorang atawa kajadian.

  507. ngarep-ngarep kalangkang heulang
    ngarep-ngarep hiji perkara anu kacida banggana jeung sudah pihasileunana.

  508. ngawur ka sintu nyieuhkeun hayam
    berehan ka deungeun, ari ka baraya kadak-kedek
    sangat baik kepada orang lain, tetapi kerabat sendiri ditelantarkan.

  509. ngeplek jawer, ngandar jangjang, miyuni hayam kabiri
    leutik burih, borangan, sieunan, kecing, taya wawanen

  510. ngeundeuk-ngeundeuk geusan eunteup
    neangan akal pikeun nyilakakeun dunungan
    mencari jalan untuk mencelakakan atasan

  511. ngeupeul ngahuapan maneh
    lungas lengis mikawelas mikaasih ka diri sorangan, supaya batur welaseun jeung nulungan ka urang, nyieun aturan nu balukarna nguntungkeun sorangan
    membuat aturan yang menguntungkan diri sendiri

  512. nginjing sila, bengkok sembah
    goreng hate, teu satia ka anu jadi pamingpin atawa dunungan.

  513. ngodok liang buntu hese cape taya gawe, susah payah taya guna
    usaha tidak ada hasilnya, sanajan tihothat oge moal atawa henteu beubeunangan

  514. ngodok liang jero
    teu hasil enggoning nyiar rejeki, ka ditu ka dieu luput bae.

  515. ngudag-ngudag kalangkang heulang
    miharep perkara anu samar kalaksanakeun
    mengharap sesuatu yang tidak mungkin terkabulkan

  516. ngukur ka kujur nimbang ka awak
    ngaluarkeun duit pikeun kaperluan hirup, pakan, pake jste disaluyukeun jeung pangala.

  517. ngukut kuda kuru ari geus gede sok nyepak
    ngukut bujang anu tadina pohara balangsakna, susak dahar susah make, tapi ari geus mulya awak lintuh jeung pake hade, ngalawan ka anu jadi dunungan.

  518. ngusap birit
    bari indit kulantaran ambek nyedek atawa era paraa, leos bae indit, teu amit heula ka anu araya didinya.

  519. nimu luang tinu burang
    nambahan luang atawa pangarti waktu keur pinanggih jeung kacilakaan atawa hukuman.

  520. nincak parahu dua
    ngadunungan ka duaan atawa boga dua pausahaan.

  521. ninggang kana kekecrekna
    keur mah goreng rupana, goreng laku lampahna deuih.

  522. nini nini dikeningan, awewe randa dihiasan
    ngamahalkeun barang naon bae anu geus ruksak.

  523. noong ka kolong
    leutik hate, leutik pangharepan
    kecil hati, pikirannya pendek

  524. nu asih dipulang sengit, nu haat dipulang moha
    anu nyieun kahadean dibales ku kagorengan
    kebaikan dibalas dengan kejahatan

  525. nu borok dirorojok = nu titeuleum disimbeuhan
    nu keur susah ditambah deui kasusahna.

  526. nu burung diangklungan, nu edan dikendangan
    ngahaminan omongan atawa carita batur, sanajan ceuk hate sorangan eta omongan atawa carita teh salah.

  527. nu tani kari daki, nu dagang kari hutang
    nu tani jeung nu dagang sarua ripuhna, euweuh nu mulya.

  528. nuju hirup ninggang wirahma
    ngeunaan ka jalma anu keur alus milik.

  529. nulungan anjing kadempet
    nulungan jalma nu teu boga pisan rasa tumarima
    menolong orang yang tidak tahu balas budi

  530. nunggul pinang
    teu boga sahaha deui, nunggelis
    sudah tidak punya siapa-siapa lagi.

  531. nya dihurang nya dikeuyeup
    di unggal jalma oge taya bedana, sarua bae, mungguhing wiwirang atawa katugenah hate mah boh menak boh somah sarua bae.

  532. nya ngagogog nya mantog
    nya nitah ka batur nya prak ku manehna.

  533. nya picung nya hulu maung
    nu nanya jeung nu ngajawab teu sapagodos, pananya jeung jawaban pasalia, henteu nyambung.

  534. nyaah dulang
    ka budak nyaah ngurus daharna wungkul, pendidikana teu dipirosea

  535. nyaeuran gunung ku taneuh, sagara ku uyah
    nambahan kauntungan atawa kakayaan ka anu geus beunghar.

  536. nyair hurang meunang kancra
    meunang milik, darajat atawa kauntungan kalawan teu disangka sangka

  537. nyaliksik ka buuk leutik
    nyusahkeun, peperedih atawa pepentaan ka jalma anu sahandapeun darajatna jeung pangabogana.

  538. nyalindung ka gelung
    hirup ngandelkeun banda atawa panghasilan pamajikan wungkul
    hidup hanya mengandalkan rejeki dari istri saja, lelaki melarat menikah kepada wanita kaya supaya bisa numpang hidup.

  539. nyanggakeun suku genteng belokeun, beuheung teukteukeun, disiksik dikunyit kunyit, dicacag diwalang walang
    sumerah, masrahkeun diri rek dibeureum rek dihideung kari kumaha didinya bae, dina rumasa geus salah atawa rumasa boga dosa
    menyerahkan diri karena merasa bersalah

  540. nyanghulu ka jarian
    ngawula ka jalma anu sahandapeun harkatna atawa pangartina.

  541. nyeri beuheung sosonggeteun
    pohara ngarep-ngarepna, tapi anu diarep arep teu jol bae datang.

  542. nyeungeut damar di suhunan
    mere maweh ka deungeun-deungeun ngarah pamuji
    memperlihatkan kekayaan kepada orang lain agar dipuji

  543. nyeungseurikeun upih ragrag
    akey akeyan nyeungseurikeun batur, dumeh buuk geus bodas huntu geus ompong, tonggong geus bengkung turtaning ieu the kahareup mah ku urang sarerea bakal kasorang.

  544. nyiar batuk piaraheun
    nyiar pigujrudeun, pipaseaeun
    mencari penyakit, mencari keributan.

  545. nyicikeun cai, murulukeun lebu
    turun cadu cacaduan, pantang ngalampahkeun hiji perkara anu dilarang ku luluhur.

  546. nyiduh kalangit
    sahandapeun mamatahan saluhureun
    memberi nasehat kepada orang yang lebih tua

  547. nyieun catur taya dapur
    nganggit hiji dongeng nu teu aya galurna.

  548. nyieun heuleur jeroeun huma
    henteu raket jeung dulur pahare-hare bae.

  549. nyieun pucuk ti girang
    nyieun jalan pipaseaaneun
    membuat jalan pertengkaran

  550. nyiruan mah teu resepeun nyeuseup nu pait
    lumrahna manusa teu resep reureujeungan jeung nu teu boga.

  551. nyiuk cai ku ayakan
    pagawean nu mubadir, moal ngahasilkeun nanaon.

  552. nyium bari ngegel
    omongannana hade ngan hate jeung maksudna goreng . salakina dipisobat ari pamjikanana dibogohan atawa sabalikna.

  553. nyokot lesot ngeumbing porot
    teu aya usaha anu ngahasilkeun.

  554. nyolok mata buncelik
    nganyenyeri, ngahina atawa ngawiwirang di hareupeunana.

  555. nyolong bade
    bangun daek tapi jahat

  556. nyoo gado
    ngunghak

  557. nyuhun nanggung ngelek ngegel
    rebo pisan, babawaanana loba naker.

  558. nyuhunkeun bobot pangayon timbang taraju
    menta pangampura jeung menta timbangan da geus puguh rumasa ari salah jeung dosa mah.

  559. nyukcruk walungan mapay mapay wahangan
    kalawan taliti pisan nalungtik luluhur, imeut pisan pancakakina.

  560. omong harus batan goong
    beja the gancang naker nerekabna, malah sasarina mah beja anu nerekab teh leuwih hebat batan aslina.

  561. owah gingsir
    hanteu tetep, henteu ajeg, gunta ganti pamadegan.

  562. paanteur-anteur julang
    nu tas nganteurkeun dianteurkeun deui ku nu dianteur tadi, silih anteurkeun
    yang sudah mengantarkan diantarkan lagi oleh yang diantar

  563. pacikrak ngalawan merak
    rakyat leutik ngalawan menak, nu lemah ngalwan nu kuat
    rakyat kecil melawan penguasa

  564. pada rubak sisi samping
    sarua bae pada loba luangna, pada loba pangalamanana.

  565. pagiri-giri calik, pagirang-girang tampian
    teu sauyunan, papada hayang menang sorangan, papada hayang leuwih, paunggul-unggul dina neangan pangupa jiwa paunggul-unggul nyiar rejeki, teu daek silih seblokan

  566. paheuyeuk heuyeuk leungeun
    silih bantuan, silih belaan, silih tulungan.

  567. pait daging pahang tulang
    arang gering, cageur teu keuna ku panyakit naon bae
    jauh dari penakit, tidak ada kesusahan.

  568. pakotrek iteuk
    laki rabi ti ngongora napi kakolot pisan, pada pada geus jadi aki-aki nini-nini.

  569. paluhur-luhur diuk
    pagede gede kauntungan dina nyiar kipayah.

  570. panday tara boga bedog
    nyindiran tukang nyieun sarupaning, nu teu bogaeun eta barang nu dijieunna
    untuk menyindir orang yang membuat barang sedangkan ia sendiri tidak mempunyai barang tersebut

  571. pangirang-girang tampian
    pada hayang punjul di batur, teu daek sauyunan, teuk daek silih tulungan
    semuanya ingin menjadi yang paling berhasil, tidak mau saling membantu

  572. panjang lengkah
    jauh panyabaan

  573. panjang leungeun
    sok puak paok / cukat cokot
    suka mencuri.

  574. papadon los ka kolong
    cidra jangji, teu nedunan jangjina.

  575. peureum kadeuleu beunta karasa
    inget bae, teu bisa poho. biasana mah lain kana barang tapi ka jalma anu dipikancinta.

  576. peureum kadeuleu, beunta karasa
    selalu ingat.

  577. piit ngeundeuk ngeundeuk pasir
    mikarep kaanu lain babadna, mikahayang anu henteu layak pikeun dirina
    menginginkan sesuatu yang tidak layak untuk dirinya

  578. pindah cai pindah tampian
    ngaluyukeun diri jeung adat kabiasaan di pangumbaran
    menyesuaikan diri dengan adat kebiasaan di perantauan

  579. pindah pileumpangan
    robah adat

  580. pinter aling aling bodo
    pinter tapi embung kanyahoan ku batur, kusabab eta nyeta nyeta anu bodo.

  581. pipilih meunang nu leuwih koceplak meunang nu pecak
    milih kalawan ati ati pisan ku lantaran hayang meunang nu leuwih hade, ngan ahirna meunang nu leuwih goreng
    berharap dapat yang paling bagus, dapatnya malah paling jelek.

  582. piritan milu endogan
    pipilueun kana hiji kalakuan kulantaran kabawakeun ku batur, henteu kalawan kahayang sorangan, nepi ka goreng katenjona.

  583. piruruhan katengahimahkeun
    nu dusun didikan dibawa kana pasamoan.

  584. pucuk awian
    tidak pernah jelas janjinya.

  585. pupulur memeh mantun
    menta buruhan memeh prak digawe
    meminta upah sebelum bekerja

  586. pur kuntul kari tunggul, lar gagak kari tunggak, tunggak kacuwatan daging
    dituding boga dosa lantaran kabeneran aya di tempat kajadian kajahatan
    dituduh bersalah karena kebetulan ada di tempat kejadian

  587. puraga tamba kadengda
    migawe hiji pagawean henteu jeung enya enya. henteu ngandung maksud supaya hade hasilna ieu mah pada ulah dipaido bae.

  588. rambat kamale
    boga perkara ayang-ayangan.

  589. ranggaek memeh tandukan
    beunghar memeh boga, jeneng memeh pangkat, agul manten samemeh beunghar atawa jeneng
    sombong dulu sebelum menjadi kaya/menjadi terkenal

  590. raweuy beuweungeun rambay alaeun
    loba dahareun da loba pepelakan.

  591. rumbak caringin di buruan
    dina hiji kasusah atawa karerepet geus boga teu boga kolot anu mepelingan ka urang.

  592. rumbak kuntieun
    henteu lengkep, aya bae anu kurang nu matak cua kana hate.

  593. rup ku padung rap ku lemah, katuruban ku taneuh beureum
    maot. sasarina ngeunaan kanyeri anu satungtung hirup moal poho sanajan nepi ka maot.

  594. rusuh luput, gancang pincang kajeun kendor dapon ngagembol
    migawe naon bae anu rurusuhan, temahna matak kaduhung sabab hasilna teu matak nyugemakeun
    daripada cepat tapi sia-sia, lebih baik lambat tapi berhasil.

  595. saayub payung sacaang damar
    lahan anu heureut
    tanah yang sangat sempit

  596. sabobot sapihannean sabata sarimbangan
    hirup akur, runtut raut, sauyunan, sapapait samamanis sabagja sacilaka
    sakasuka sakaduka. satu hati, seia sekata, senasib sepenanggungan

  597. sabuni buni anu ngising
    sanajan dibunian atawa disumputkeun oge ari laku lampah anu goreng mah awal akhir sok kudu kanyahoan bae.

  598. sagalak galakna macan taru nyatu anakna
    sanajan pohara bengisna nu jadi indung-bapa, umuna tara tega ka anu jadi anak
    meski jahat tidak akan membunuh anaknya sendiri.

  599. sagalak-galakna macan tara ngahakan anak sorangan
    sakumaha galakna indung jeung bapa moal tega ka anak mah
    bagaimana pun galaknya orang tua mereka tidak akan sampai hati terhadap anak sendiri

  600. sagara tanpa tepi
    euweuh anggeusna, euweuh beakna
    sesuatu yang tidak ada akhirnya atau tidak ada habis-habisnya

  601. sagolek pangkek sacangreud pageuh
    hanteu cidra kana jangji.

  602. saherang herangna cibeas, moal herang cara cisumur
    sasarina lamun geus aya pacengkadan sok tara hade deui cara bareto samemeh aya pacengkadan, hate teh hese pisan beresihna ka jalma anu geus bukti tas nganyernyeri ka urang
    sebersih-bersihnya hati kepada musuh, tidak akan bersih sekali.

  603. sakecap kadua gobang
    gampang ngambek jeung gampang ngadek deuih.

  604. sakiriciking duit sakocopoking bogo
    naon bae anu matak narik kana hate urang.

  605. saluhur luhur punduk tara ngaliwatan hulu
    sapinter pinterna murid pangartina moal ngaluhuran guru.

  606. sangsara di geusan betah
    teuing ku miskin, teu boga naon naon pisan kulantaran geus embung digawe nyiar kipayah. anehna the ari hirup mah hayang keneh.

  607. sapi anut ka banteng
    perempuan mengikuti laki-laki.

  608. sapu nyere pegat simpay
    papisahan, paturay, nu asalna babarengan tuluy papisah kulantaran pindah tempat
    setelah lama bersama akhirnya berpisah karena pindah tempat

  609. sareundeuk saigel sabobot sapihanean sabata sarimbangan
    sauyunan, layeut, tara aya pacengkadan.

  610. satengah buah leunca
    teu jejeg ingetan, langlang lingling, kurang saeundan.

  611. saumur nyunyuhun hulu
    saumur hirup rumingkang di bumi alam.

  612. saungkab peundeuy
    omongan anu pondok tur kurang manis.

  613. saur manuk
    ngajawab bareng

  614. sengserang padung
    ngeunaan awewe atawa lalaki anu boga keneh napsuna cara baheula keur ngora keneh, sasarina aya di jalma nu geus kolot, nu tereh paeh.

  615. sentak badakeun
    teu ceehan dina gawe, mimiti pohara getolna, tapi beuki lila beuki ngedul nu tungtungna teh diantep teu dipigawe pisan.

  616. sereg di panto logor di liang jarum
    embung cicing di nu rame, nyingkahan hirup kumbuh jalma loba, sabab loba dosa, loba kasieun jeung kaera, betahna di nu suni nu teu aya jelema.

  617. seukeut ambeu seukeut deuleu
    loba mata-matana jeung pinter nyusud perkara keur pagawean pulisi.

  618. seukeut tambang manan gobang
    sakumaha gagahna wanina jeung ngalawana oge jalma jahat mah awal ahir tangtu katangkep pulisi.

  619. seuneu hurung cai caah ulah disorang
    jalma nu keur ngambek ulah diheureuyan
    orang yang sedang marah jangan diganggu

  620. seuseut batan neureuy keueus
    hese pisan.

  621. sibanyo laleur
    ledis pisan, teu nyesa saeutik eutik acan.

  622. sieun meubeut meulit
    sieun kababawamasalah
    takut terbawa masalah

  623. sirung ngaliwatan tunggul
    jalma anu elmuna ngaluhuran guruna, atawa darajatna ngungkulan kolotna
    orang yang ilmunya melebihi gurunya, derajatnya melebihi orangtuanya

  624. sisit kadal
    goreng milik

  625. sosoroh ngadon kojor
    kikiriman ku lantaran aya pangarahan tapi boro boro meunang kauntungan, kalahka meunang wiwirang jeung karugian.

  626. suku dijieun hulu, hulu dijieun suku
    digawe nyiar kipayah, kalawan meakkeun tanaga jeung pikiran
    bekerja keras untuk mencari nafkah

  627. taktak korangen
    taktakna sonday siga kurang

  628. tamiang meulit ka bitis
    kalakuan goreng nu malindes ka diri sorangan
    perbuatan buruk akhirnya mencelakakan diri sendiri

  629. tamplok batokeun
    berehan teuing nepi ka urang mah susah.

  630. tangkal kai teu kalis ku angin
    unggal jalma kudu bae nyorang kasusah
    setiap orang pasti akan menemui kesulitan

  631. taya halodo panyadapan
    taya eureuna digelendeng atawa dicarekan terus bae digelendeng atawa dicarekan.

  632. teng manuk teng anak merak kukuncungan
    sipat-sipat nu aya di diri anak, babakuna nu hadena, sasarina loba anu diturunkeun ku kolotna
    anak selalu mencontoh pada orangtuanya

  633. teu aya sarebuk samerang nyamu
    teu aya saeutik eutik acan.

  634. teu beunang dikoet kunu keked
    teuing ku koret, tara pisan tutulung ka nu butuh tatalang ka nu susah.

  635. teu boga pikir rangkepan
    teu boga curiga saeutik eutik acan.

  636. teu busik bulu salambar
    teu regrog-regrog, malah unggul dina juritna.

  637. teu cari ka batawi tapi ka salaki
    hakan pake hayang ti salaki.

  638. teu diambeuan
    teu dipikarisi, teu dipikagimir, teu dihargaan/diajenan.

  639. teu didingding kelir
    teu dibuni buni, ditembrakeun bae, teu dirasiahkeun.

  640. teu dipiceun sasieur
    sarua pisan teu aya bedana saeutik eutik acan.

  641. teu ditari teu ditakon
    teu dipalire diantep bae, teu ditanya tanya acan.

  642. teu gugur teu angina
    samemeh kajadian naon naon, teu aya pisan beja, lantaran atawa ciciren.

  643. teu jauh ti tihang juru teu anggang ti tihang tengah
    nya goreng rupana nya goreng kalakuanana sok daek pulang paling.

  644. teu mais teu meuleum
    teu aya patalina pisan, teu pipilueun.

  645. teu ngalarung nu burung, teu nyesakeun nu edan
    ngalajur napsu ka awewe, ka anu halal jeung anu haram oge disaruakeun bae.

  646. teu nginjeum ceuli teu nginjeum mata
    ngadenge jeung nenjo sorangan lain cenah jeung baruk.

  647. teu nyaho di alip bingkeng
    bodo teu bisa maca-maca acan, da teu sakola.

  648. teu puguh alang ujurna
    teu puguh entep seureuhna, teu beres lain kitu kuduna.

  649. teu unggut kalinduan teu gedag kaanginan
    kuat pamadegan, teu keuna ku gogoda
    teguh pendirian tidak terpengaruh orang lain

  650. teu wawuh wuwuh pajauh, teu loma tambah paanggang
    sing wawuh tur sing loma sabab balukarna alus pisan.

  651. teui hir teu walahir, teu kakak, teu caladi teu aro aro acan
    teu baraya, teu kaka, teu adi teu alo alo acan. deungeun-deungeun tulen.

  652. teunggar kalongeun
    teu sieun atawa teu nurut kulantaran remen teuing digelendeng atawa dicarekan
    gara-gara terlalu sering dimarahin, akhirnya tidak ada pengaruhnya lagi

  653. ti luhur sausap rambut ti handap sahibas dampal
    menta dihampura tina rumasa geus salah atawa boga dosa.

  654. ti peuting kapalingan ti beurang kasayaban
    sababaraha kali karurugian atawa karoroncodan.

  655. tiis ceuli herang mata
    ngeunah hate kulantaran ngeunah deudeuleuan jeung dedengean.

  656. tikoro andon peso
    ngadeukeutan jalma nu bakal ngahukum atawa nganyenyeri ka diri urang.

  657. tikoro gorokeun
    nyanggakeun sadaya-daya

  658. tipu keling ragaji inggris
    pinter dina kajahatan, pinter dina ngbobodo atawa nipu.

  659. titip diri sangsang badan
    mihapekeun maneh, kumawula supaya aya nu mere dahar jeung pake
    menitipkan diri, berbakti agar bisa mendapatkan makan dan pakaian

  660. titirah ngadon kanceuh
    sejana nyiar kasenangan, tapi jadina pinanggih jeung kasusah nu leuwih gede.

  661. totopong heureut dibeber-beber, tangtu soeh
    nyukupan ku pangala nu sakitu saeutikna, tangtu bae matak jadi susah, lamun rejeki atawa pangala saeutik, ari keperluan jeung pangaluaran anu sakitu lobana.

  662. tuang jinis
    orang yang suka tertawa karena ceritanya/humornya sendiri, tetapi orang lain tidak ada yang tertawa.

  663. tugur tundang cuntang gantang
    ngajalankeun pagawean pikeun nagara, babakti ka nagara.

  664. tunggul dirarud catang dirumpak
    euweuh anu dipikaserab, terus bae ngalajur napsu, sagala aturan dirempak
    mengikuti napsu, menghalalkan segala cara

  665. tunggul sirungan, catang supaan
    aya kajadian anu goreng atawa matak teu genah ahirna.

  666. tungkul ka jukut, tanggah ka sadapan
    junun kana gawe teu kabengbat atawa kaganggu ku perkara sejen
    bekerja secara tekun tidak terpengaruh oleh masalah lain

  667. tuturut munding
    sagala rupa nurutkeun batur

  668. ulah beunghar memeh boga
    ulah adigung nyeta nyeta anu beunghar, turtaning henteu atawa tacan boga pakaya.

  669. ulah cara ka kembang malati kudu cara ka picung
    ulah babari bosenan, tapi kudu satia salilana.

  670. ulah ieuh aing uyah kidul
    ulah asa jadi jalma pangpunjulna
    jangan merasa jadi orang yang paling unggul, jangan menyombongkan diri

  671. ulah incah balilahan
    ulah ninggakkeun tapi kudu tetep satia

  672. ulah kabawa ku sakaba-kaba
    ulah kabawa ku nu teu puguh, maksudna kabawa jurig, dedemit.

  673. ulah kumeok samemeh dipacok
    ulah waka ngomong teu sanggup atawa teu bisa samemeh dicobaan.

  674. ulah muragkeun duwegan ti luhur
    masing nyaah kana rejeki meunang hese cape ladang kesang, pacuan arek dimonyah monyah.

  675. ulah nyeungceurikan upih ragrag
    ulah popoyok ka jalma nu geus kolot sabab urang ge bakal ngalaman.

  676. ulah pangkat memeh jeneng
    ulah adigung adiguna hayang nyaruaan ka nu geus jeneng.

  677. ulah tiis tiis jahe
    kudu iatna, kudu cingceng, lincah
    jangan terlena, harus hati-hati.

  678. ulah unggut kalinduan ulah gedag kaanginan
    ulah sieun kudu gede kawani, ulah kagoda, ulah kaganggu atawa kabengbat ku rupa-rupa, lamun urang keur nyanghareupan hiji maksud anu hade.

  679. umur gagaduhan, banda sasampiran
    umur jeung harta banda hakekatna milik Alloh SWT.

  680. uncal tara ridueun ku tanduk
    elmu pangaweruh mah moal hese mamawana
    orang tidak akan merasa berat membawa ilmu pengatahuan yang dimiliki

  681. ungguh balewatangan
    dibawa ka pangadilan
    kena perkara

  682. uyah mah tara tees ka luhur
    sipat jeung sikep anak sok ngala ka indung bapana
    sifat anak tidak akan jauh berbeda dengan orang tuanya

  683. waspada permana tingal
    bisa nyaho kana naon naon anu bakal kajadian.

  684. watang sinambungan
    nu boga perkara batur, nu diajak cekcokna urang
    yang punya masalah oran lain, yang diajak bertengkarnya kita

  685. wawuh munding
    wawuh ngan saliwat

  686. wiwirang di kolong catang nya gede nya panjang
    kajadian anu matak pikaeraeun, wiwirang nu pohara gedena.


Download

Silahkan, Anda dapat mengunduh daftar paribasa di atas dalam format .TXT.

Download Daftar Paribasa Sunda